Friday 27 November 2009

Nyanyahoan pisan

cinta teh lain sagala-galana
tapi naha tanpa cinta kahirupan teu sugema
kuring aya kusabab cintana ema kuring nu ngahiji pasini jeung bapa kuring
ema kuring aya kusabab ayana cinta nini kuring jeung aki kuring
kitu satuluyna..

kuring rumasa
sieun teu boga cinta jeung teu bisa micinta batur
kuring sieun ukur napsu jeung amarah nu datang wungkul

cinta cinta
kusabab cinta jelema loba nu kabungbulengan
kuring oge rumasa
mun seug kudu susumpahan kuring oge rumasa kungsi kabungbulengan
cinta cinta
hirup teh kusabab cinta cenah

kuring ukur nyanyahoan malah mun ditambahan pasti nyanyahoan pisan
sok kanggo pejuang cinta sing salamet,
sing beunang nu dicinta teh sok sanajan ukur di akherat
pajuang cinta bakal dikenang
pajuang cinta .........
...........................
..................