Thursday 24 December 2015

CONTOH UNDANGAN PERNIKAHAN

Bagi sobat yang memerlukan contoh undangan pernikahan, silahkan tinggal di unduh saja, semoga bisa bermanfaat.
gambar untuk di dalam


gambar untuk di luar

PANGJAJAP ACARA BASA SUNDA

1.      Langkung tipayun sumangga urang sami-sami manjatkeun puji sinareng sukur ka Hadirat Alloh nu Maha Gofur, anu parantos maparin ni’mat ka urang sadaya, buktosna ni’mat Iman sareng Islam oge ni’mat sehat wal afiat.  Margi ku nikmat ieu pisan alhamdulillah urang tiasa kempel sasarengan dina raraga nyumpingan pan pangulemna pun biang sakulawargi dina acara walimatussafar.
Oge teu hilap rohmat sinareng salam mugia dilimpahkeun ka panutan alam, anu arip tur bijaksana, anu niti dina jalur anu suci, anu nete dina lampah nu merenah nyatana habibana waniyana Muhammad SAW. Teu hilap kakulawargina, para sahabatna mudah-mudahan kaurang sadaya anu janten umatna aya dina rohmat sareng lindungan mantena amiin ya robbal alamiin.

2.      Kaom muslim wal muslimat rohima kumulloh, simkuring nyandak asmana pang duum waktu pang jajap acara ngahaturkeun wilujeng sumping wilujeng patepang mugia aya dina lindungan Alloh SWT, amiin ya robbal alamiin.
Dupina cunduk kana waktu nu rahayu, ninggang mangsa nu utama, malati ligar na ati campaka mangkak na dada, kembang tanjung nu gumulung sumangga ranggeyan acara urang sebatan heula.
Kahiji bubuka, anu eusina pembacaan Alkuran, salajengna I’tidar, istirda, istida ku atasnami sohibul bet, dilajengkeun ku tawasul sareng taosiahna, ahir acara dipapas pungkas ku doa. Sakitu acara anu bade dihaturkeun.
Sumangga urang sami-sami nyukcruk jalur sunah rosul, urang mapag anu diseja nudi palar maksad hasil, tong petot urang tawekal tos lumrah dimana-mana keur sakumna umat Islam dimana rek milampah hade, ngaoskeun heula basmalah.
Sumangga urang rapak sasarengan
Bismillahirrohmaanirrohiim

3.      Hadirin kaom muslimin wal muslimat rohima kumulloh.
Mun berlayar tanpa kamudi palang siang katambias, Mun hirup tanpa kandali palangsiang bakal sasat pikeun jalan leungiteun udagan.
Namung kacida bagjana kanggo urang umat Islam hirupna bogapadoman nyaeta kitab suci alkuran, bisi leumpang bareng sasab rampang-reumpeung poekeun jalan sorangeun, sangkan manah caang, guligah ku katengtreman, kalayan maksad ibadah, sumangga urang sami-sami dangukeun aosan ayat suci Alkuran anu bade diaoskeun ku pangersa ………………
Galindengan kalam ilahi, mapaler hate nu cape, ngubahan manah nu susah, rembes nembus kana jantung, sumarampah kana bayah, sumeleket kana hate, nyaliara kana badan mani nyerep karaosna, mugi ageung mangfaatna, kanu ngaosna kaling urang sadaya anu ngupingkeunana.

4.      Salajengna kanggo I’tidar ti asmana sohibul baet sakulawargi dihaturkeun ka pangersana …
Sumangga waktos dihaturanan
Sakitu pisaur ti shoibul beat dina I’tidarna, diguar paragai nembrak, mugi kersa luntur kalu wening galih kersa ngahapunten kana kalepatan sohibul beet sakulawargi terutami ka pun biang sanreng pun lanceuk nu bade miang ka Tanah Suci mugia ginuluran rahayu tinu Maha Suci. Amiin ya robbal alamiin

5.      Salajengna tawasul sinareng tausiahna dihaturkeun ka pangersana ………………… waktos sumangga dihaturanan
Runtuyan saur piwuruk, ranggeuyan patwa piwejang ngagalindeng matak nineung, keur obor dimana poek, keur iteuk dimana leueur, batur ludeung waktu keueung, batur bungah mangsa susah.
Hatur sewu nuhun ka pangersa …………… mugi ageung mangpaatna.

6.      Kaom muslimin wal muslimat anu mulya. Simkuring anu mingpin ieu acara hapunten anu kasuhun tangtos seueur kakiranganana. Tutug rampung tuntas paragat acara dipapas pungkas, mangga urang sami-sami ngaoskeun hamdalah sasarengan.
Alhamdulillahi robbil ‘aalamiin


Wassalamu’alaikum Wr. Wb.

PUISI LUCU SUNDA

DA AKU MAH APA ATUH
karya : Diana Pramanik urang bolcam

Semerbak terasa aroma bau baham kamu
saat aku mendekatimu...dengan motor tuaku
lalu aku menyapamu dengan merdu
"aa..... suku aku kageleng"
gejolak hasrat mengajakm menikah
dengan mas kawin seperangkat alat terbang

tapi da aku mah apa atuh
meskipun beungeut hideung juga
tapi pengen weh ari membuat hidup kamu berwarna
da aku mah apa atuh
meskipun jiwa dan raga ini kotor
tapi pengen weh ari memberikan cinta suci ke kamu mah
da aku mah apa atuh
meskipun bodo juga
tapi pengen weh ari isi kepala cuma kamu seorang mah
da aku mah apa atuh
meskipun motor masih nyicil juga
tapi pengen weh ari mas kawin dibayar kontan mah

da aku mah apa atuh
meskipun bau kelek juga
tapi pengen we bikin kamu nyaman pas bersandar di bahu aku
tapi belum apa-apa kamu menyudahi hubungan ini
hanya samet dieu sajah
tapi keun we da hirup mah emang peurih
kaos kaki juga logor, dikaretan we biar gak merosot ka handap
keun da hirup mah peurih
pengen dibilang gaul, pas beli baso juga bilangnnya GWS bukan GPL

keun da hirup mah peurih
nyapa kamu juga tara diwaro
tembus pandang da aku mah nya?
keun da hirup mah peurih
pengen makan yang pedes-pedes juga aku mah lain ku sambel
tapi sireum ateul ditambulan
keun da hirup mah peurih
kadang di atas, kadang di bawah
kadang neukteuk kuku ge pondok teuing

da aku mah apa atuh
hirup juga peurih kumaha we teu dahar dalapan poe
atuh nanti elonya paeh
dan ke akunya teh jadi sedih
di situ kadang saya merasa sedih
nanti aku nyurucudkeun cai soca

tapi seiring berjalannya waktu
kamu luluh juga olehku
kamu menerima aku walaupun beungeut aku siga tulak panto
dan akhirnya aku dan kamu bahagia selama-lamanya

dan buat elo.... elooo yang dulu menghina gue
gue do'ain semoga tiap menta duit ka kolot kalian
bakal dititah heula.

cateeeet